-->

KAHIRUPAN ANU ENDAH

ngeunahna hirup tumarima kana taqdir kalayan ikhlas, teu kaduhung kunu kamari, teu bingung kunu isukan, anteng ngalenyepan diri, nafakuran alam, ngararasakeun kajero jeung kaluarna nafas ngabuktikeun kana sifat welas jeung asihna pangeran, supaya hate teu pagaliwota ku kadunyaan, sangkan bisa ngameunangkeun nur kamarifatan, leburna ka sedih ,sirnana kasenang, hadirna ka betah karna ngarasa selalu di tangtayungan ku gusti, di aping ku hyang widhi, di jangjaring ku ilahi, tentremna hate caangna pikiran, teu boga musuh sok sanajan aya nu ngamusuh, dulur di mana-mana, kaberkahan ngaliputan, nur ka marifatan nyarengan, ka salametan nyandingan, pasti bisa balik kana abadian, netep dina sajatina kahirupan

ABAH AHIR

Berlangganan update artikel terbaru via email:

0 Response to "KAHIRUPAN ANU ENDAH"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel